| 5 CARA KAFIR NGAHANCURKEUN ISLAM |
السّلام
عليكم ورحمةالله تعالى وبركاته
اَلْحَمْدُ للهِ الْوَاحِدِ الْقَهَّارْ
. اَلْعَزِيْزِ الْغَفَّارْ . مُكَوِّرِ اللَّيْلِ عَلَىالنَّهَارْ . تَذْكِرَةً
لأُولِى الْقُلُوْبِ وَالأَبْصَارْ . لِذَوِىالأَلْبَابِ وَالاِعْتِبَارْ . وَالصَّلاَةُ
وَالسَّلاَمُ عَلَىخَيْرِ الْبَشَرْ . سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى الِهِ
وَصَحْبِهِ الْمُلاَزِمِيْنَ بِتَقْوَى اللهِ الأَكْبَرْ . اَمَّابَعْدُ .
سُبْحنَكَ لاَعِلْمَ لَنَا اِلاَّمَاعَلَّمْتَنَا اِنَّكَ اَنْتَ الْعَلِيْمُ
الْحَكِيْمُ . فَقَالَ اللهُ تَعَالَى فِى كِتَابِهِ الْكَرِيْمْ وَهُوَ اَصْدَقُ
الْقَائِلِيْنْ اَعُوْذُبِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمْ بِسْمِ اللهِ
الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ وَلَنْ تَرْضَى عَنْكَ الْيَهُوْدُ وَلاَالنَّصرى حَتَّى
تَتَّبِعَ مِلَّتَهُمْ .
Sateuacana cumarios, pribados ngahaturkeun nuhun heula ka bapa
pengatur waktos anu parantos masihan waktos kapribados kanggo cumarios sok
sanaos teu gaduh pangartos, ieu mah etang-etang ngasah waos mudah-mudahan
sapagodos sareng kahartos kupara ibu anu nuju teu garaduh artos, wahna siujang
nyarios mani nyoroscos bari bau sawios.
Para alim ulama waljuama penerus perjuangan bangsa terutama agama,
anu ku jisimkuring dipihormat, para asatidz wal asatidzah nu ku Alloh
dijadikeun senjata pikeun majuna agama di ieu persada anu kusimkuring di
pihormat, oge bilih mah aya para aparat-aparatur pemerintahan setempat anu
parantos ngiring kikibung dina raraga ngahirup-hirup agama anu sami ku
jisimkuring dipihormat, oge teu kakantun ka para ibu-ibu sareng bapa-bapa anu
parantos maksakeun ngalengkahkeun sampean kana ieu pangaosan anu sami ku
jisimkuring dipihormat, wabil khusus kapara pemuda anu bergaya anu datang ka
ieu pangaosan bari seja rek neangan randa…….ku simkuring dido’akeun
mudah-mudahan sing mareunang randana, amiiin…. Ngiring amiin sadayana sing
tarik amih meunang randana, punten tah ka bapa RT pamuda anu aminna rada tarik
supados dicirian datangna ka ieu pangajian. Oge wabil khusus pisan kapara
mojang lenjang anu harurung harerang lir ibarat bentang anu datang ka ieu
pangaosan bari seja rek neangan bujang, kusimkuring didu’akeun mudah-mudahan
sadayana sing pararayu, amiiin…..ngiring amin sadayana……anu amiinna rada tarik
ciri teu payu, ngan anu teu ngiringan amin ciri euweuh harepan kana payu.
Para ibu para bapa anu ku jisimkuring dipihormat…………..
Langkung tipayun hayu urang
sami-sami nyicikeun puji anu paranti ka Alloh anu maha suci, nyanggakeun puja
anu biasa ka Dzat anu maha kawasa, sarta nyerenkeun syukur ka Dzat anu maha
ghofur, anu parantos masihat ni’mat panjang umur, Al-hamdulillah dina danget
ayeuna urang sadayana tiasa patepung lawung patepang wajah paamprok jonghok,
riung mungpulung, bongkok ngaronjok di ieu haflah anu mubarokah, anu tujuanana
teu aya sanes iwalti seja ibadah, seja ngalaksanakeun parentahana jeung hoyong
kenging mordhotillah, leres teu bu……?leres teu pa……?, kalayan mudah-mudahan
tikawit ngalengkahkeun dua sampeanana, ngepatkeun dua pananganana ti bumi
masing-masing, boh tipalih wetana, kidulna atanapi tipalih kulonna, rek
ibu-ibuna, bapa-bapana, remaja-remajina, urang sadayana kenging ridhona Alloh
SWT, amiin ya Robbal’alamin, sehingga tiasa ngajantenkeun wasilah cukang
lantaran kanggo dihapuntenna dosa perdosa urang sadayana, wabil khusus ka anu
haladir, naon margina para wargi sadayana, peryogi dibuktoskeun ?? mangga !
وَقَالَ النَّبِيُّ
صَلَّ اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمْ فِىكِتَابِ تَنْقِحِ الْقَوْلِ الحديث : مَنِ انْتَقَلَ
لِيَتَعَلُّمِ عِلْمًا غُفِرَلَهُ قَبْلَ اَنْ يَحْطُوَ
Saur Rosul : “Sing saha jalma anu
ngalengkahkeun dua sampeanana, ngepatkeun dua pananganana ti bumina
masing-masing, rek nu caketna atawa nu jauhna, tujuanana rek milarian ilmu
karena Alloh, maka غُفِرَلَهُ dihapunten
eta dosa-dosana sijalma قَبْلَ
اَنْ يَحْطُوَ dina samemeh ngalengkahkeun kana eta dua sampeanana……masya
Alloh ! kabita teu bu…...? hoyong ? sok atuh papayun-payun dina فَسْتَبِقُوا
الْخَيْرَاتْ na
Oge
sholawat sinareng salamna mudah-mudahan Alloh ngalimpahkeun ka baginda
tercinta, baginda termulia, pimpinan diatas pimpinan, pemimpin anu cinta ummat,
pemimpin anu cinta rakyat, pemimpin anu adil tur bijaksana. Anjeuna jalmi anu
teu wantun ngaleueut hiji teguk cai, upama ditukangenana masih aya keneh rakyat
anu kahausan, anjeuna jalmi anu teu wantun tuang, lamun disagigireunana aya
keneh jalma anu kalaparan, anjeuna jalmi anu teu wantun ngabangun imah anu gede
tur mantereng, lamun disatukangeunana loba keneh rakyat anu hirupna terlantar,
beda jeung kaayaan pamimpin di zaman ayeuna anu hirupna serba edan, serba mewah
jeung serba waaah…..!!, kajeun rakyat malarat nu penting aing jadi konglomerat,
sa bodo teuing rakyat kalaparan nu penting aing bisa kenyang, kitu tah para
hadirin kaom muslimin wal muslimat kaayaan pamimpin dizaman ayeuna.
Ibu bapa kaom muslimin wal muslimat
Rohimakumulloh……….
Dina
pangaosan ayeuna, insyaAlloh jisimkuring bade ngabahas sareng nyampaikeun
da’wah islamiyyah anu lumayan menarik jeung insyaAlloh seueur manfa’atna, anu
judulna 5 F cara jalma-jalma kafir
ngahancurkeun ummat Islam
Jadi anjing-anjing Yahudi jeung kafir-kafir
Nasroni, manehanana teu bisa seuri, manehanana teu betah cicing, manehanana teu
bisa tibra sare, lamun ningali umat Islam, terutama ningali pemuda-pemudi Islam
berperan aktif dina kegiatan-kegiatan agamana, semangat dina memperjuangkeun
jeung ngahirup-hirup agamana, tapi manehanana terus jeung terus berusaha,
kumaha cara supaya pemuda-pemudi Islam anu kuat, umat Islam anu sekian
mayoritas, ngajadi muslim anu lemah jeung ngajadi umat anu minoritas, malah ku
Alloh oge ieu sifatan kafir-kafir Yahudi jeung Nasroni diabadikeun dina
al-Qur’an surat Al-Baqoroh ayat 120, anu bunyi ayatna kieu : وَلَنْ تَرْضَى
عَنْكَ الْيَهُوْدُ وَلاَالنَّصرى حَتَّى تَتَّبِعَ مِلَّتَهُمْ anu hartina : Jalma-jalma yahudi
Reujeung jalma-jalma Nasroni
Moal tenang dina hirupna
Mun umat Islam nyepeng agamana
Tapi
manehanana ridho
Reujeung
suka dina hirupna
Mun
umat Islam nu loba
Milu
kana agamana
Jadi urang kudu ati-ati lamun ningali umat
non Islam seuri ka urang, mesem ka urang, ulah disangka menehanana seuri
kusabab resep ka urang, tapi dibalik seuri eta, dibalik mesem eta, aya sajuta
harapan, aya sejuta angan-angan pikeun ngahancurkeun umat Islam, teu beda jauh
kawas maung ningalikeun kana huntuna, ulah disangka eta maung ngajak seuri ka
urang, tapi eta maung rek ngadahar urang, lamun urang nyangka eta maung ngajak
seuri kaurang, wah bakal cilaka dua belas.
Para hadirin sadayana, ngahaja Alloh SWT
ngabejakeun kabencian Yahudi jeung Nasroni ka ummat Islam, supaya ummat Islam
leuwih waspada, supaya ummat Islam leuwih mempertahankeun kana kaimanana, naon
sababna….? Sabab iman mangrupikeun hiji butir intan berlian anu bakal mawa
kabagjaan dunia sareng akheratna, oge masalah mempertahankeun kaimanan lain
masalah anu gampang, komo ayeuna zaman anu disebutna zaman era tekhnologi, era
informasi, era globalisasi, pek bae zaman loba bahasa era, tapi ulah terjadi
zaman era ngaji, boleh zaman berganti tapi iman jangan sampai mati, boleh zaman
berubah, tapi aqidah jangan sampai goyah.
Hadirin kaom muslimin wal muslimat
rohimakumulloh…….
Diluhur tadi tos diuningakeun, yen
program-program kafir, cara-cara Yahudi jeung reka perdaya Nasroni dina
ngahancurkeun Islam anu mayoritas diantarana ku 5 F, sabab musuh ummat Islam ayeuna leuwih
licin, leuwih cerdik jeung leuwih berbahaya, maranehanana lengoh teu mawa
senjata, teu mawa bom atum, tapi tetep maranehanana salamina berusaha jeung
berusaha pikeun ngahancurkeun ummat Islam, terutama pemuda-pemudi penerus
estafet perjuangan Rosululloh SAW, mana diantarana anu 5 F :
1.
Ku Film
Urang
kedah sadar sareng waspada, cara maranehanana ngahancurkeun ummat Islam jeung
generasi-generasi Islam babarieun pisan, berputerna jeung bergulirna waktu
timimiti zaman kuno nepika zaman ayeuna, anu disebut zaman era informasi, zaman
era globalisasi sayen jeung tekhnologi, reka perdaya maranehanana terhadap umat
Islam semakin hebat jeung semakin canggih, sehingga ummat Islam henteu
menyadari yen dirina aya dina makar tipu daya jaringan jaringan laba-laba hitam
sijahanam Yahudi jeung Nasroni, boh melalui faktor kulturisasi, sekulerisasi
jeung kristenisasi, ku ditayangkeunana aliran-aliran anu matak nyesatkeun jeung
ngabahayakeun pikeun ngagorogotan aqidah-aqidah umat Islam, boh dikalangan usia
anak-anak, remaja nepika lanjut usia, melalui jaringan informasi tina majalah,
koran jeung bacaan-bacaan anu sanesna, terutama cara anu leuwih efektif nyaeta
melalui layar kaca, kuditayangkeunana film-film anu teu pantes, film-film cabul
jeung dekadensi moral sanesna ditiap-tiap bioskop, TVRI, RCTI, SCTV, TPI,
INDOSIAR, ANTEVE, METRO TV, INTERNET jeung saluran luar laina, leres teu
buuu……..?, leres teu paaaa…..?, sok tingali film-film anu aya di TV, naha aya
anu nayangkeun film-film anu berthemakeun tentang kaagamaan, anu ngabahas
tentang masalah-masalah agama Islam ?, ceuk jisimkuring aya, ngan dina bulan
Romadhon wungkul, sasesana anu sabelas bulan duka teh teuing, leres teu
buuu..…? komo eta si Yahudi jeung Nasroni, mani pinter-pinter teuing neangan
waktuna, rek sholat jum’at kalah ditayangkeun film India, leres teu paaa……?
India tea, lamun awewena geus jogetna, masyaAlloh eta bujal jeung susu, geus
kama-mana, nyakitu deui rek sholat maghrib jeung pangaosan ka masjid, kalah di
tayangkeun film-film anu rame, atuh budak teu jadi kamasjid, katut ka indung
bapana, lain kalah ngageunggeureuhkeun jeung mareuman eta TV, kalah saruana,
ceuk indungna teh…jang!! rada ditarikan
volumena siga rada rame yeuh film, atuh indung bapana oge sarua teu jadi
kapangaosanana
Ibu-ibu
bapa-bapa ahli pangaosan sadayana, baheula mah lamun urang ngaliwat ka unggal
imah anu kadangu teh sora budak anu keur diajarkeun ngaji ku indungna Ba jabar
Ba, Ba jeer Bi, Ba pees Bu jadi Ba Bi Bu, ari ayeuna kumaha…..? ayeunamah lamun
urang ngaliwat ka unggal imah anu kadangu teh sora Evi Tamala, sora Michael
Jakson, anu keur nyanyi, sora kuis famili 100 jeung sora-sora anu sanesna,
leres teu…..? baheulamah rek ningali TV teh kudu leumpang heula ka balai desa,
da euweuh anu bogaeun, ayeunamah unggal imah euweuh anu henteu bogaeun TV, ibu,
bapa garaduh TV teu dibumi….?
2.
Ku Food (Fud = makanan)
Hadirin
saiman jeung sakayakinan Rohimakumulloh……..
Kafir-kafir Yahudi jeung Nasroni ayeuna
nyerang pemuda-pemudi penerus agama Islam ku mangrupa dahareun, bahkan anu
dahareun anu leuwih hebat deui nyaeta obat-obatan terlarang, anu sok disebut ku
narkoba, ganja, heroin, sabu-sabu, exstasi jeung anu sanesna, ieu lain hal anu
aneh deui, tapi geus ngajadi hal anu tradisi jeung geus ngajadi kabanggaan,
timimiti mahasiswa, barudak SMP, SMA bahkan anu leuwih ngahawatirkeun deui, hal
ieu geus keuna kabudak-budak anu calik dibangku Sakolah Dasar, نعوذ
بالله من ذالك ieu kadaharan anu
ngahaja disebar luaskeun ku kafir Yahudi jeung Nasroni lain dikota-kota besar
wungkul, tapi geus asup ka pelosok-pelosok kampung, geus asup ka desa-desa,
leres teu para pemuda-pemudi……..?, lamun ibu-bapa ningali kriminal-kriminal anu
disiarkeun di televisi, sabagian besar masalah narkoba, ganja jeung sanesna,
nyakitu deui kejahatan-kejahatan saperti maling, perkosaan jeung lain-lainna,
eta akibat ditimbulkeun tina obat-obatan anu terlarang.
Generasi Robbani anu dimulyakeun ku
Alloh
kadang urang lengoh, kadang urang poho, yen
eta teh teu kurang teu leuwih mangrupakeun racun jeung kadaharan anu matak
ngagorogotan aqidah ummat Islam, nyakitu deui ayeuna ummat Islam geus bangga,
geus ngarasa pang aingna, lamun geus ngarasaan naon anu disebut Kentucky fried
Chiken, fizza Hut, Danking Donuts, hot dog, hamberger jeung kadaharan anu
sanesna anu memang ngahaja dijieun ku orang-orang kafir, malah mah era lamun
urang dahar di warung sangu anu bener-bener dijieun ku orang Islam, komo lamun
bari mawa kabogoh, leres teu……..?
3.
Ku Fashion (Fesen = pakean)
Nomer ka tilu cara kafir ngahancurkeun ummat Islam nyaeta ku
mangrupa pakean, lamun ditingali di zaman ayeuna pakean anu dipake ku ummat
Islam geus jauh tina norma-norma kaislaman, ummat Islam geus era lamun make
pakean anu bernormakeun Islam, lamun urang tingali awewe-awewe anu aya di desa
jeung anu aya di kota, lamun keur leuleumpangan di tempat-tempat anu terbuka,
anu konon mayoritas pendudukna muslim, maka ngan saeutik diantara awewe-awewe
eta anu pantes disebut awewe muslimah, anu make busana muslimah sesuai jeung
ketentuan Alloh jeung Rosul-Na, jeung sigana awewe anu make busana sesuai jeung
norma kaislaman bisa keneh dietang ku ramo. Jadi ulah nyalahkeun sasaha, lamun
di zaman ayeuna loba pisan perkosaan-perkosaan terhadap kaom wanita, naon
sababna…….? sabab awewena sorangan anu ngahaja-haja nembongkeun auratna,
awewena sorangan anu ngahaja-haja mere kasempetan jeung rangsangan ka lalaki
pikeun ngalakonan perkara anu dilarang ku agama. Lamun awewe geus samodel kieu
dina cara berpakeanana, maka tuntut diri sorangan, salahkeun diri sorangan
lamun aya kajadian kadirina. Jadi awewe anu make busana muslimah insyaAlloh
bakal dijaga tina gangguan leungeun-leungeun jahil, jalma–jalma anu iseng,
jeung bakal diriksa tina pemerkosaan anu akhir-akhir ieu sering terjadi,
saperti anu ditayangkeun di mass media, sakumaha dawuhan Alloh dina surat
Al-Ahzab ayat 59 : ذلِكَ
اَدْنى اَنْ يُعْرَفْنَ فَلاَ يُؤْذَيْنَ
“Ngagunakeun
jilbab eta supaya manehanana bisa leuwih dikenal, maka manehanana henteu di
ganggu”
Hadirin saiman jeung sakayakinan Rohimakumulloh………..
Sateuacana urang nincak leuwih jauh dina masalah pakean anu
jauh tina norma-norma Islam, urang bahas heula fungsi tina busana muslimah
jeung busana lalaki muslim, Alloh ngadawuhkeun dina surat Al-A’rof ayat 26 :
يبَنِى
ادَمَ قَدْ اَنْزَلْنَا عَلَيْكُمْ لِبَاسًايُوَارِيْ سَوْاتِكُمْ وَرِيْشًا
وَلِبَاسُ التَّقْوى ذلِكَ خَيْرٌ ذلِكَ مِنْ ايتِ اللهِ لَعَلَّهُمْ
يَذَّكَّرُوْنَ......الاعراف
26
“Hei Bani Adam ! saenyana Kami geus
nurunkeun pakean kamaraneh pikeun nutupan aurat maraneh jeung pikeun papaes.
Tapi, nya pakean takwa anu pang hade-hadena mah, eta teh diantara ayat-ayat
Alloh supaya maraneh areling.
Jadi para generasi-generasi Islam sadayana,
fungsi pakean numutkeun ajaran agama Islam nyaeta pikeun nutupan aurat jeung
pikeun papaes, disamping eta , oge berfungsi pikeun ngajaga tina panas jeung
tiris, sakumaha anu diterangkeun dina surat An-Nahl ayat 81. Masalah fungsi
pakean pikeun nutupan aurat, dina hal ieu maka batas aurat awewe anu wajib
ditutupan nyaeta sakabeh badana salianti raray jeung dampal leungeun , hal ieu
diterangkeun dina sebuah Hadits riwayat Abi Daud ti Siti Aisyah R.A :
Dina hiji waktos Asma binti Abi Bakar lebet
kabumina kangjeng Rosul, kalawan make pakean anu ipis, maka kangjeng Nabi
langsung ngabalikeun rarayna , tuluy sasauran :
يَااَسْمَاءُ اِنَّ
الْمَرْءَةَ اِذَا بَلَغَتِ الْمَحِيْضَ لَمْ يَصْلُحْ اَنْ يُرَى مِنْهَا شَيْئٌ
اِلاَّ هذَا وَاَشَارَ اِلَىوَجْهِهِ وَكَفَّيْهِ
Hartosna : “Hei
Asma, saestuna awewe anu geus balegh, teu meunang katingali tina awakna saeutik
oge, iwalti ieu jeung ieu, Nabi masihan isyarah kana rarayna jeung dua dampal
pananganana.
Kaom
muslimin wal muslimat Rohimakumulloh………..
Padahal lamun awewe
muslimah ngagunakeun busana muslim bari rapih, bakal katingali anggun jeung
beuki geulis, setiap lalaki atawa awewe anu ningalina bakal kapincut jeung
bakal ngucapkeun salam ka eta awewe, lamun keur leuleumpangan atawa tumpak
angkutan umum moal aya anu ngaganggu, moal aya anu wani nyentuh, komo wani
memperkaos mah ! sabab euweuh saeutik pisan tina sebagian anggota badanna anu matak ngahudangkeun siujang, kabehanana
tertutup, anu aya dina dirina ngan wungkul kaanggunan jeung kaanggunan. Tapi
lamun awewe make pakean anu kurang lawon, make rok mini atawa celana levis,
baju anu ketat sahingga bagian luhur, tengah jeung handapna katingali jelas,
beunget di make up mani kaleuleuwihan, maka nalika tumpak kendaraan umum, kenek
pun tanpa ragu-ragu menyentuhnya, leres teu………? Aya pemudi didieu anu kawas
kieu…? mudah-mudahan euweuh. Amiin.
Jadi sakali deui, cara kafir ngahancurkeun generasi Islam,
ngahancurkeun aqidah pemuda-pemudi Islam, nyaeta ku jalan pakean anu jauh tina
norma-norma kaislaman. Pantes soteh orang luar make pakean anu kitu, da awakna
bodas, jangkung, langsing, ari urang, nya orang kampung, nya awak hideung, nya
pendek, nya gendut, boboraah pantes, anu aya oge pikaresepeun peureup, teu
percaya……? sok tanyakeun tah ka pamuda-pamuda didieu, sanes kitu……..?
4.
Ku Financial (Finansial = keuangan)
Nomer ka opat cara kafir Yahudi jeung Nasroni ngahancurkeun
ummat Islam nyaeta ku kauangan, urang sadayana geus terang yen negara
Indonesia, negara anu sakieu suburna, negara anu gemah ripah loh jinawi, negara
anu mayoritas beragama Islam, tapi dibalik ieu negara Indonesia hirupna masih
gumantung kana naon anu disebut dolar, masih gumantung ka Amerika, ieu ngahaja
jeung ieu mangrupakeun sebagian cara kafir ngahancurkeun negara Indonesian anu
mayoritas beragama Islam, hayu urang telaah jeung urang tingali kaayaan zaman
ayeuna !!, lamun dolar naek, harga-harga kabeh naraek, timimiti bahan pokok
saperti beas, minyak, bumbu-bumbu jeung sabangsana kabeh naraek, harga susu
semakin menonjol, harga kacang semakin terjepit, ngan aya anu henteu naek
nyaeta eusi kolor anu henteu naek, leres teu buu…? Sareuri siga nu apal weh,
naon sababna si ontohod-ontohod Yahudi jeung Nasroni ngahancurkeun Islam ku
mangrupa kauangan ?, sabab manehanana apal yen sebagian besar kalemahan ummat
Islam nyaeta ku duit, sabab umat Islam lamun geus butuh-butuh teuing, geus
kapepet-pepet teuing ku masalah duit, manehanana wani ngajual agamana, konon
kabarna aya hiji keluarga anu geus ripuh kahirupanana, meuli ieu geus teu bisa,
meuli eta geus teu mampu, da teu boga duit tea, tuluy datang hiji jalma kafir
bari nawarkeun rek mere duit jeung mere kadaharan, ngan syarat eta kabeh
keluargana kudu asup kana agama manehanana, kusabab eta keluargana lemah dina
sagalana, lemah dina kaimananana, lemah dina ekonomina, eta keluarga wani
ngorbankeun, wani ngagadekeun agamana demi duit jeung demi dahareun, Naudzubillahi
min dzalik, loba-loba deui contoh ummat Islam anu wani ngaleupaskeun
kaimananana, wani pindah kana agama non Islam, wani ngajual agamana demi
meunangkeun duit jeung duit, kusabab kitu bener saur Rosul : كَذَ الْفَقْرُ اَنْ
يَكُوْنَ كُفْرًا
5.
Ku Funs (Fans = tontonan)
Terakhir cara
kafir Yahudi jeung Nasroni ngahancurkeun ummat Islam nyaeta ku mangrupa
tontonan, benteun tontonan sareng film, lamun film ayana dilayar TV, lamun
tontonan ayana di tempat-tempat terbuka, saperti konser, pameran, jeung
sanes-sanesna, sok tingali, naha aya anu nampilkeun konser tentang norma-norma
kaislaman, saperti maca sholawat minimal lagu-lagu Islam, nada dan da’wah,
sigana geus euweuh, lamun aya oge anu model kitu, sigana anu ningalina ngan
barudak leutik, leres teu……..?, tapi lamun konser dangdut, konser Dewa 19,
konser Padi jeung konser-konser anu sanesna anu bari jaroget, bari marabok,
bari silih rangkul jeung awewe, anu nongtonna waaaahh loba, nepika tiket
sabaraha oge dibeuli, nyakitu deui dina pameran, naha aya pameran anu mamerkeun
tentang kebudayaan-kebudayaan jeung sejarah-sejarah Islam, anu mamerkeun busana
muslim jeung muslimah…? anu aya oge anu mamerkeun pakean-pakean barat, anu
mencolok jeung katingali aurat. Jadi sakali deui urang kedah waspada tina tipu
daya kafi-kafir yahudi jeung Nasroni.
Ibu-ibu bapa-bapa
kaom muslimin wal muslimat rohimakumulloh………..
Kadang ummat
Islam hare-hare jeung jongjon kana kagiatanana masing-masing, sementara syiar
Islam diantep, sarana tempat ibadah kosong pada ditinggalkeun, bahkan generasi anu
rek nuluykeun kana agamana sorangan teu kapikirkeun, tungtungna anak jeung
incuna saralah jongjon ku salahna, nu maksiat jongjon ku migawe maksiatna,
aqidahna kosong molongpong, imanna ngulit bawang, kapercayaanana kana agama
Islam geus ngurangan, lantaran teu aya dorongan ti anu jadi indung bapana
pikeun nyekel pageuh agamana. Lamun zaman geus kieu kaayanana, saha anu rek
disalahkeun…? urang teu bisa nyalahkeun ka generasi muda, tapi urang perlu
introfeksi kadiri urang masing-masing.
Kumargi kitu,
ngalangkungan ieu pangaosan, sim kuring gumajak kapara wargi sadayana, hayu
urang pada ngaping jeung ngajangjaring sarta nyalametkeun aqidah Islamiyyah
dina rongga dada ummat Islam khususna, kapara putra-putri urang, tancepkeun
deui rasa simpati jeung rasa tanggung jawab kana agama. Sateuacan terlambat,
generasi muda masih keneh tiasa diusahakeun, masih beunang di papatahan, pek
geura wariskeun jeung turunkeun kapercayaan jeung kayakinan urang kana agama ka
putra-putri urang sadayana, weuteuhkeun deui emutan pikeun melakkeun rasa betah
nyekel kana agama Islam, tamplokeun perhatian jeung didikan urang sadaya,
supaya para putra-putri urang nyaraho kana agama anu bener, yakin kana Islam,
berakhlak anu hade sarta berbudi anu luhur.
Rupina cariosan tisimkuring
dicekapkeun sakieu, babak sapanon, carang sapakan, bengkok sembah ngijing sila,
igeug taligeung, laer aisan, landoy kandungan, leuleus jeujeur, liat tali,
bobot pangayon timbang taraju, teu getas harupateun
Seueur laku lampah anu
matak tugenah kana manah, seueur saur anu matak tagiur kana kalbu dulur-dulur,
seueur carios anu teu kahartos sareng sapagodos sareng buktos, boh anu karaos
atanapi anu molodos, estuning sepi tina pangarti sepa tina pangabisa, sepi tina
pangarti, anu leres eta nyata pisan tiPangeran, anu salah eta mangrupikeun tina
kakhilafan jeung kabodoan jisim kuring, tapi urang nyuhunkeun ka Alloh, mudah-mudahan tina ieu cariosan aya
manfa’atna khususna kanggo anu nyariosna umumna kanggo hadirin anu sami-sami hadir,
harepan urang tiasa ngalaksanakeun tina ieu pidawuh Alloh jeung pidawuh
Rosulullah dina aspek kahirupan urang sapopoe, sareng mudah-mudahan urang tiasa
ngahindari jeung tiasa memahami kana tipu daya jeung kajahatan kafir-kafir
Yahudi jeung Nasroni dina ngagorogotan aqidah Islamiyah dipara generasi Islam.
Sareng mudah-mudahan urang sadayana diraksa, diaping ku Alloh SWT tina reka
perdaya kafir-kafir Yahudi jeung Nasroni. Amiin ya Robbal’alamin
Ditutup ku
do’a :رَبَّنَا
اتِنَافِىالدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِىالأَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
مَااَصَابَكَ مِنْ حَسَنَةٍ فَمِنَ اللهِ
وَمَااَصَابَكَ مِنْ سَيِّئَةٍ فَمِنْ نَفْسِكَ . اُوْصِيْكُمْ بِالنَّفْسىِ
بِتَقْوَىاللهِ . هَدَانَااللهُ وَاِيَّاكُمْ اَجْمَعِيْنَ . وَاللهُ الْمُوَافِقُ
اِلَى اَقْوَامِ الطَّرِيْقْ . خُذْ مَاصَفَى دَعْ مَاكَذَرْ . اَخِرُ الْكَلاَمْ
بِاللهِ التَّوْفِيْقْ وَالْهِدَايَهْ وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ
تَعَالَى وَبَرَكَاتُهْ
Creative By :
Muwasa_okey@yahoo.com
Microsoft
Word.Da’wah Islamiyah.doc
01
Juni 2001
.jpg)

No comments:
Post a Comment