Laa'tahzan

welcome

Assalamualaiqum Wr.Wb Hay:) ,nikmatilah kunjungan anda di Blog Laa'tahzan ini, berikan komentar anda jika ada hal yang ingin di tanyakan. Ambilah manfaat yang banyak dari blog ini, dan jangan lupa untuk share yaa SEMOGA MEMBANTU :)

Friday, January 16, 2015

(PASAL) NETELAKEUN FARDUNA WUDLU



Ari ta’rif wudlu ceuk istilah nyaeta :
اِسْتِعْمِالُ الْمَاءِ فِىاَعْضَاءٍ مَخْصُوْصَةٍ مُفْتَتَحًا بِنِيَّةٍ
Hartosna : makekeun cai kana anggota anu ditangtukeun kalawan make niat
Aya deui anu disebut wadhu, eta mah ngaran cai anu dipake wudlu
Ari fardhuna wudlu eta aya 6 :
  1. Niat
  2. Ngumbah raray
  3. Ngumbah dua panangan, nepika siku dua
  4. Ngusap sawarehna sirah
  5. Ngumbah dua sampean, sarta mumuncanganana
  6. Tartib



PENJELASAN :
Ø  Ari anu disebut niat nyaeta : قَصْدُ شَيْئٍ مُقْتَرَنًابِفِعْلِهِ hartosna : ngamaksud hiji perkara bari dibarengan ku migawena eta perkara, atuh lamun hate ngamaksud kana hiji, tapi hentu dibarengan kumigawena, eta mah disebut ngazam.
Ø  Dina niat wudlu, wajib kudu dibarengan jeung tepina cai kana raray, henteu sah dina saba’da ngumbah raray atawa dina samemehna.
Ø  Ari tatacara niat dina wudlu bisa kusababaraha jalan :
-    Ku make : رَفْعَ الْحَدَثِ الاَصْغَرِ
-    Ku make : فَرْضَ الْوُضُوْعِ
-    Ku make : نَوَيْتُ الْوُضُوْعَ
-    Ku make : اِسْتِبَاحَةِ مُفْتَقِرًا اِلَىالْوُضُوْعِ
CATETAN : upama dina wudlu make niatna ku kecap thoharoh, maka eta kudu dipilukeun ku kecap عَنِ الْحَدَثِ upama henteu make, maka henteu sah
Ari pasunatan wudlu eta aya 10 :

  1. Maca Basmallah
  2. Ngumbah dua dampal tampah leungeun
  3. Kekemur
  4. Ngaratakeun dina ngusap sirah
  5. ngusap dua cepil, luarna jeung jerona
  6. Nyela-nyela jenggot anu kandel
  7. Nyela-nyela dua ramo leungeun jeung suku

No comments:

Post a Comment